Kunjungi Website kami di http://www.wartafokus.com

Minggu, 27 Juni 2010

Illaahi anta maqshuudii waridhooka mathluubii a'thinii mahabbataka wa ma'rifataka.
 
Deudeuh teuing incu aki....
Sing sabar,sing tawakalnya kasep...
Mungguhing ari hirup mah papasangan,aya bungah aya sedih..aya beurang aya peuting. Keun ayeuna hidep keur di doja kunu kagungan urang sadayana,nyaeta Gusti Allah.Mun hidep "bisa melewati" naon nu ayeuna keur karandapan,Insya Allah hidep bakal panggih jeung kabagjaan lahir sareng batin....
Ayeuna ceuk aki mah,daripada hidep hirup huleung jentul teu puguh meakeun waktu ku jalan sia2,angguran geura hidep buka eta panon anu salila iyeu di tutupan, Geura buka kasep.....geura buka....
Pek geura lenyeupan,geura regepkeun,geura lakonan ... mun masih aya nu can kaharti geura tanyakeun ka aki,susuganan aki bisa mere bongbolongan...
Ngan hidep kedah gaduh kayakinan,yen Gusti Allah mere dodoja ka umatna,eta teh cirining masih nyaah ka hidep,meureun mun teu nyaah mah moal aya nu ngelingan...
ke elingna pas urang tos di kubur...
Alhamdulillah,hidep ayeuna keur hirup keneh tos di elingan,geura syukuran atuh...geura tobat..meungpeung urang masih hirup teu aya kata telat kanggo bertobat...
Bral ayeuna mah geura miang,geura hapus tah kokotor nu narempel dina awak,meungpeung urang masih hirup...mengpeung masih dibere kasempetan..ulah nungguan di kubur heula karek ke hanjakal...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar